Layung teu t'embong imutna
Mangsa hat'e guligah mirit bewara nu can sapuk hulasohna
Teu walakaya lir tangkal katiban hawa katiga
"Pasrah"
Tikoro neureuy ciduh
diaping ku kecap :
"Na bet teu saminggu saacana madungdengkeun sual hiji sawal"
Satengah dalapan can manggih kapastian
Pantes mun kami ngutruk
Kamangmangan ngagauran kapercayaan
Da biwir geus teu kuat hayang ngalantunkeun kalimah Takbir
"Gusti geuning bedo"
29082011
apapun yang kamu tulis abadikan dan simpan. hidup untuk hidup pemberian sang maha hidup
Rabu, 29 Februari 2012
HARIRING
“Alloh” “hu”
Saha nu ngempraykeun srangenge saban wanci
Gumuruh saha nu neunggar batu-batu karang
“Alloh” “hu”
Eling-eling mangka eling rumingkang
di bumi alam. Darma wawayangan wae.
“ lah wes kena pangeran”
“Lah wes nyata ing Alloh”
131011
Mangsana R’ek kumaha
I
“ ’eling-‘eling umat muslimimuslimat “
Lir turaes nu ngingetan bakal t’embong sareupna
Ngahia-hiap na saban munara qobla qomat
Sangkan ngalaksanakeun par’entah_Na
“estu kawajiban urang keur di dunya
kanggo pibekeleun jaga di akh’erat”
II
Wangun nu ngeunah ngadoliman ni’mat Na
Teu gimir ku azab_Na
Cacakan pati sok ngukuntit saban r’enghap
Najan ajal sok ngagorogotan nyawa
Sarta cilaka bakal tumiba ka maran’ehna
III
Adat geus ka kurung ku iga
Asa mokaha
Heuras
Teuas
Hat’ena
Paribasa kumaha engk’e
“kunfayakun”
R’ek kumaha?
Milangkala windu 7
Qobla Wanci Janari
Can ngalenyap sakerejep-sakerejep acan basa janari r’ek datang,
Basa kami anteng ku pasualan Dudunya
Tapi kuring sidakep nyieunan aksara
Da hayang maratkeun sajak nu can cacap caritana
Hanjakalna lain dina salambar kertas
Kapan geus aya komputer
Teu karasa hor’eng ieu teh sapertiluna peuting
Hawa beuki tiris alahbatan kulkas
Beuki jempling. Sedeng kuring can parat ngetik sajak
Leungeun kalah komepang milihan folder nu aya
Pas kabuka “kitab Tahajjud” nu eusina:
“Rosululloh nyaring peuting pikeun ngalaksanakeun solat nepi ka bareuh bitis jeung sukuna”
“Subhanalloh”
Asrama, puasa 2011
Qobla Saum
Waktu ini mendesakku menjelang bulan suci_Mu
Tak ada Dzikir, dan hampa
Bulan menjelma waktu
Memaksa angin mendorong Ruh yang tak suka kehadiran
ia
"Munafik"
Mereka berpura-pura suka dan menambah Dosa
Lambung yang bahagia
Ia berontak menuruti nafsu kita
Ia berkata:
"Sejenak aku akan beristirahat di balik kesakitan
kalian"
urug, 30 2011
WAROENG BINGOENG
SETING
HIJI KAMPUNG NU NGARANA RANCA GANDENG. SISI JALAN AYA WARUNG
NYANGHAREUP KA JALAN NGAN RADA KA JERO DI HAREUPNA AYA PARANTI DIUK. MANGRUPA
GOGORENGAN, CIKI, KOPI, SUSU, SHAMPO,BOTOL BENGSIN DI DEUKUT TEMPAT DIUKNA
JEUNG RUPANING JUJUALAN AYA DI WARUNG ETA NGAN PEDAH TEU REMPEG KAWAS
WARUNG-WARUNG NU LIANNA, NU JADI KHAS DI WARUNG ETA NYAETA LOTEK. DI SISI BELAH
KENCA AYA BURUAN NU DI KURILINGAN KU PAGER JEUNG AYA POPOEAN. SISINA AYA POS
RONDA NU RADA BELAH HAREUP SAEUTIK EWEUH PANTOAN NGAN AYA AKSARA “POS RONDA” DI
LEBAH ROHANGANNA.
BABAK I
ADEGAN I
BABAK I
ADEGAN I
Isuk-isuk keneh geus loba jelema nu ngaraliwat di buruan jeung di jalan ku rupa-rupa kaperluanna sewang-sewangan. Warung mah can di buka, ceu Dewi nu boga warung keur sasapu di buruana bari kukulutus :
Dewi
na urut naon atuh meni balatak botol
jeung cangkang suuk tiap isuk teh, piraku suuk di coelan ku kecap mah, jaba
meni loba deuih botol jeung cangkang suuk teh. Tapi naha sugan anyar botol
kecap ayeunamah nya? Gambarna oge meni aya aki-aki janggotan sagala? Tapi
lumayan urang kumpulkeun ke geus loba mah jual ka tukang kokorompong pan
lumayan. Iyeu meureunan rejeki nu di bere ku pangeran tiap isuk-isuk. Nuhun
gusti…… (bari mawaan botol di abuskeun kana karung)
Ucup
Ucup
(lumpat semu rusuh) ceu nginjeum
panyiuk sakeudeung….
Dewi
Dewi
aeh, angger ari rek ka pacilingan teh tara
mawa panyiuk, ke dagoan sakeudeung. (abus ka imahna)
Ucup
Ucup
rusuh puguh, da tadinamah ek nyabu
ka kang nana (nungguan dina korsi hareupeun warung)
Dewi
Dewi
(bari kaluar mawa ember tilas cet)
na rek nanahaon nyabu ka si nana? Lainna dagang bubur lin? (ngasongkeun ember)
Ucup
Ucup
leuh, panyiuk ceu lain ember, atuh
ke hese rek ombeh teh (bari nyekelan bujur)
Dewi
eweuh keur di pake mandi ku si nyai,
matak naon ku ember oge meh loba manjurna
Ucup
Ucup
heug atuh di injeum heula nya…?
(bari beretek lumpat)
Dewi
Dewi
si kehed. (abus ka warung mukakeun
gebyogna bari ngagorowok) nyai pang nyokotkeun popoean teundeun di lawang panto
Nyai
Nyai
(ngagorowok) enya…
Dewi
Dewi
si cecer nembalan ka kolot, muhun
kituh ! (nyai neundeun poeun)
Nyai
Nyai
tah… (bari ngaleos)
Dewi
Dewi
(gogodeg terus moekeun eta poe eun)
budak teh, anggur mah poekeun langsung iyeumah kalah nitah deui ka kolot (ucup
balik deui mikeun ember)
Ucup
Ucup
ceu nuhun. (ngaleos)
Dewi
(bari meret baju) ngemplong nyah?
(nuluykeun popoe terus asup nungguan warung)
(teu kungsi lila datang nu meuli)
Fikri
(teu kungsi lila datang nu meuli)
Fikri
ceu kopi hideung jeung roko sabatang (diuk di
hareupeun warung)
Dewi
Dewi
(ngaladangan) rokona ek roko naon?
Fikri
Fikri
biasa
lah nu nojos we…..
Dewi
( mikeun roko da geus apaleun ) di
gawe anggurmah meungpeung ngora keneh, iyeu mah ti tilik-tilik unggal isuk asa
angger wae kalakuan teh
Fikri
Lah ceu, laing embung gawe tapi da
lieur ayeunamah neangan gawe teh hese pisan, ngalamar kadieu kudu tamatan D3
ngalamar kaditu kudu S1 ah lieur ceu
Dewi
Kapan loba atuh pigaweun nu teu kudu
make D3 jeung S1, tuh contona kang nana SD ge teu tamat, geuning bisa dagang bubur
Fikri
Lain ku kituna ceu, terus naon
gunana coba pamarentah ngawajibkeun belajar 12 taun? Ari geus 12 taun eweuh
buktina?
Dewi
Etamah atuh ngarah untung pamarentah
meureun da lamun teu kitu rek timana meunang bati….. (bari ngagebah laleur)
Fikri
Numatak uing mah ek tetep kieu,
haying nyaho we uing nu eleh atawa pigaweun nu datang (ngaluarkeun haseup)
TEU LILA DATANG SI INYONG PANONNA
SEMU BEUREUM LEUMPANGNA RADA NGADAYAGDAG
Inyong
Menta udud euy
Fikri
Cik atuh manehteh isuk keneh geus
kieu
Inyong
Udud buru
Fikri
Ceu berean sabatang ! ( dewi
ngaladangan semu heran )
Dewi
Ubaran atuh ari nyeri panon mah
Fikri
Lain nyeri panon etamah ceu pastina
oge nyeri hate
(inyong diuk di belah kenca fikri)
Dewi
Ke,ke, asa teu nyambung nyeri hate
jadi nyeri panon
Inyong
Kolot teu boga cedo, urang ge da
anakna bener teu kri? Datang ka imah kalah di Tanya “ sinarieun maneh aya di
imah”
Fikri
Mun urang mah nyong ek atoh jadi
urang bisa bebas ulin, yeuh urang mah teu kaop nyingkah ti imah rada lila der
di tanyakeun, asa teu tenang
Dewi
Nyaah ka maneh etateh
Inyong
Saha nu nyaah ceu?
Dewi
Lain ka ilaing ka si fikri
Inyong
Berarti kolot uing mah teu nyaaheun
ka uing nya? (nguyup kopi)
Dewi
Pang nungguankeun warung sakeudeung
ek moe pare
Fikri
Nya sok ceu di tungguan
DATANG TUKANG KIRIPIK NU SOK
NEUNDEUN DI WARUNG ETA
Tukang
kiripik
Kang bade ngintun kiripik deui
Inyong
(seuri) 20 siki we mang
Fikri
His ulang ketang teu apal kuring mah
mang…. Ke dagoan ceu dewi
Tukang
kiripik
Aduh punten kang ieu teh nuju rusuh,
atuh saena saur akang sabara hiji supados tereh… (inyong seurina beuki tarik)
Fikri
Aeh- aeh ari emang, nu boga warungna
keur moe pare,
Tukang
kiripik
Atuh manawi kersa akang janten
tukang warungna (inyong seuri beuki tarik)
Fikri
Itu gera si emang, henteu mah
kasurupan… ceu yruh aya kiripik
Dewi
Sok we aropi
Fikri
Lain kiripik ceu tukang kiripik
Inyong
Haduh nyeri kulit beuteung
CEU DEWI GANCANG DATANG KA WARUNG
Dewi
Aeh emang kamana wae atuh?
Tukang
kiripik
Lah biasa we ceu dagang kiripik
Dewi
(ngasongkeun kiripik Bees) tah mang
nu kamari geus hapeuk, ayeunamah ulah loba teuing ah…
Fikri
Untung can muka kiripik
Tukang
kiripik
Leuh ceu geuning loba? Atuh jang
padahalmah bukaan we atuh itung-itung tutulung ka tukang tanggung
Dewi
Boro-boro ek nulungan atuh, puguh
jelema teh teu boga panghasilan
Inyong
Uing mah boga ceu enya ge teu gede
Tukang
kiripik
Tah atuh ujang ieu mah sugan bade
nulungan ka tukang tanggung
Inyong
Eh mang lain embung nulungan, uing
ge tulunganeun
Tukang
kiripik
Leuh, ceu kiripikna 10 we nya?
Dewi
Nya sok
Tukang
kiripik
Ah kang punten nya da emang mah sok
heureuy
Fikri
Teu nanaon mang
Inyong
Jung mang lah di du’akeun sing payu
eta tanggungan
Tukang
kiripik
Nuhun jang ah, ceu nu kamari engke
we hijikeun jeung nu ayeuna nya?
Dewi
Heug atuh ari kitu mah
Tukang
kiripik
Marangga atuh ah ka sadayana
Kabeh
Mangga….
TUKANG KIRIPIK TULUY INDIT, INYONG
JEUNG FIKRI NGAHARULENG CEU DEWI NULUYKEUN DEUI POPOE PARE. POE MEUJEUHNA PANAS
TOROJOL DATANG SADE TUKANG OJEG NU BIASA CICING DI WARUNG ETA
ADEGAN
2
Sade
(nyetandarkeun motorna) Haduuuhh eta
geus aya deui wae, ku betah- betah teuing atuh cicing di warung
Fikri
Eh de, geus sabara kali narik eung?
Sade
(hp na di sada) samlekum? Kumaha ?
oh nya atuh… (nutup telepon) kela narik heula
Inyong
Anjir… karek ge datang geus narik
deui wae… asa mending ngojeg eung…
Fikri
Tah sia mah sok gehgeran, paur maneh
mah
Inyong
Paur kunaon?
Fikri
Nya paur we sok sieun aya siraru
muir na lampu der pupuiran
Inyong
Ngabodor ?
Fikri
nyong di jero yu ah…
Inyong
hayu
FIKRI JEUNG INYONG ABUS KA JERO
WARUNG DA GEUS BIASA WAKTUNA GOGOLERAN. DEWI SARUA ABUS KA WARUNG TERUS NGINUM
GEK DIUK DI WARUNG. DATANG NYAI NYOKOT DAHAREUN INDIT DEUI KA JERO IMAH.
TIISEUN WAKTU HARITA TAPI AYA SORA NU KALUAR TINA CORONG MASJID
“ assalamualaiku warohmatullohi
wabarokatuh”
Dewi
Tah sugan aya nu maot? Pedah kamari
raeng sora cit incuing
Sora
“ka sadaya warga kampung
rancagandeng anu sampahna teu acan di kaluarkeun sopados di kaluarkeun, kumargi
patugas kebersihan bade dongkap. Kumargi sakitu mangga ka sadayana eta sampah
supados di kapayunkeun. Hatur nuhun wassalamu’alaikum warohmatullohi
wabarokatuh”
Dewi
Wa’alaikum salam warohmatullohi
wabarokatuh, aeh suga teh nu maot
KABEH JELEMA NEUNDEUNAN RUNTAH KAK
SISI JALAN PON NYAKITU DEUI DEWI OGE SARUA
Dewi
Nyai… runtah nu dina keresek bawa
kaluar
NYAI KALUAR MAWA RUNTAH DI TEUNDEUN
KA HAREUPEUN IMAH. TEU LILA DATANG PATUGAS SAMPAH MENERAN MAWA SAMPAH NU DI WARUNG
ETA.
Patugas
Ceu aya keneh runtahna?
Dewi
Atos jang…
SORA CORONG MASJID KADENGE DEUI
NYETEL KASET NU NGAJI TANDANING REK LOHOR
Patugas
Allhamdulillah, lohor geuning. Ah
sakalian istirahat heula di dieu nya ceu? Cik ceu ninyuh kopi susu
DEWI NGALADANGAN
Dewi
Iyeu jang… jang meni betahan digawe dina runtah? Kapan
bararau
Patugas
(bari nguyup) ah ceu ku kuring mah
geus teu jadi sual bau mah da meureun geus kuduna kuring kieu
SORA ADAN LOHOR KADENGE TINA CORONG
MASJID. OBROLAN EUREUN HEULA NEPI KA TAMAT ADAN
Patugas
Kela ceu rek salat heula ( indit ka
masjid )
ADEGAN
3
DATANG ASEP
Asep
beuh hangru kieu… cik ceu rook bodas
sabungkus…( asep nangkring di warung)
Dewi
Iyeu kanga sep
Asep
Kopi saha ieu?
Dewi
Oh etamah tuh nu patugas runtah,
keur salat heula
SABOT RAREPEH DATANG DEUI PATUGAS NU
BALIK TI MASJID. DIUK PAHAREUP-HAREUP JEUNG ASEP. TAPI ASEP KALAH NUTUPAN IRUNG
KU BAJUNA.
Patugas
Allhamdulillah, reugreug ari geus
salat mah… nepi mana ceu tadi teh?
Dewi
Nya tadi kunaon make jeung betah
sagala da garila atuh dina runtah mah
Patugas
Ceu, nu pang geuleuh-geuleuhnamah
justru jelema,
Asep
Naha mang? (bari nutupan irung)
Patugas
Ari jelema mah di jieuna oge tina nu
geuleuh
Dewi
Kapan tina taneuh lin?
Patugas
Etamah asalna ceu, kapan nu puguh
mah jelema teh di jieun tina cai mani. Sok coba aya teu tukang dagang nu
nawarkeun cai mani? Moal aya ceu, mun dagang susu aya….
Asep
Lakh mang meni bau atuh?
Dewi
Ek teu bau kumaha da geus puguh
digawe dina runtah. Manasina digawe di kantoran
Patugas
Ah ceu ulah sok ngabeda-bedakeun
jelema da anger ari geus di cabut nyawa mah eweh nu bisa di bawa iwalti amal
urang
Asep
(muka irungna bari semu era)
Patugas
Ah ceu jadi mamatahan ngojai ka meri
ieu teh nya kang? Sabara kopi ceu?
Dewi
Dua rebu
PATUGAS MIKEUN DUIT BARI INDIT. ASEP
NGAN NEMPOKEUN SEMU BINGUNG.
Dewi
Alus gening najan pagilinggisik
jeung runtah tapi hatenamah teu jiga runtah
ASEP TUNGKUL. NGARUMAS DIRI
Asep
Ceu roko sabaraha?
Dewi
Dua belas rebu
Asep
Ke nya ceu uing teu nyekel duit (
bari indit rurusuhan )
Dewi
Jiga nu heueuh jelema beunghar ari
nyatana roko ge nganjuk…
ADEGAN
4
DATANG SADE BALIK NARIK
Sade
Ceu barudak kamarana?
Dewi
Tuh di jero, biasa we kerek
jiganamah
DATANG DEUI HAPID JEUNG ETOM.
NALANGKRING
Etom
De marema?
Sade
Lumayan kang aya jang sakiloeun mah
Hapid
Wi lotek nu atah
DEWI NGALADANGAN LOTEK
Hapid
Lah jangar aing mah
Sade
Na jangar ku naon atuh kang?
Etom
Ari maneh pid, na teu kadeuleu kitu
majarkeun maneh jangar, komo urang lewih jangar
Hapid
Lain kitu kang, enya etuda ayeunamah
nempo berita meni loba pisan kajadian anu aheng
Sade
Geus biasa kang atuh da ayeunamah
geus jamana
Dewi
Iyeu kang lotekna
Etom
(mawa lotek eta terus di dahar)
Hapid
Teu beak piker uing mah eta aya
budak nu ngagawean indungna,
Etom
Gelo etamah
Sade
Kang etamah lotek kang hapid
DEWI NYERENGEH
Hapid
Aeh ari kang etom sok padu ngopi
Etom
Da bongan maneh kalah jangar (lotek
sesana di ka hapidkeun)
Hapid
Kapan keur nyarita heula (bari
belewek di huapkeun)
Sade
Uing mah balik hela ah hayang sare
(sade balik )
Hapid
Wi sabaraha?
Dewi
Sarebu limaratus
Hapid
Tah, kang hayu ah kapan ek nempo
balong?
Etom
Nya hayu atuh, wi ka balong heula
Dewi
Mangga…. Ari barudak teh ek harudang moal?
DEWI JAJAIT POPOEAN BAJU JEUNG PARE
BABAK
2
ADEGAN
4
CORONG MASJID DI SADA DEUI TAPI
AYEUNAMAH ADAN MAGRIB. WARUNG DEWI DI
PAKE NALANGKRING BARUDAK PAMUDA AYA NU METIK GITAR JEUNG AYA NU NGALOPREK HAPE.
KADENGE NU NYANYI MENI SUMANGET
Kabehan
Begini nasib jadi bujangan ke
mana-mana asalkan suka
Tiada orang yang melarang
Hati senang walaupun tak punya
uang…euuuyyyy..
Hati senang walaupun tak punya uang
(sareuri )
KEUR KITU INYONG JEUNG FIKRI KALUAR
TI JERO WARUNG
Fikri
Geus peuting geningan euy? Cik ceu
mi rebus, asa can dahar
Oos
Kri maneh can balik-balik nya?
Inyong
Kapan geus jeung urang atuh…
Budi
Nyong aki maneh nanyakeun
Fikri
Asik euy jigana kabagean yeuh…
Ate
Jig jig inyong sampeurkeun heula
Inyong
Lah males nyampeurkeuna oge, goceng
pertama lah sakeudeung deui warung tutup yeuh…
Oos
Tah ti urang goceng
Budi
Urang mah eweuh duit eung bekel
saminggueun beak kapan peuting meuli arak
Fikri
Tah si ate atuh, kali-kali mah
nyumbang
Inyong
Te maneh nyumbang moal?
Ate
Sampeurkeun heula aki maneh
DATANG UYA ,ADUY JEUNG ROBIN
Aduy
Haduh ieu pemuda bingung
Uya
Kawas maneh teu bingun
Robin
Heueuh nya ya?
Fikri
Geus lah ayeunamah nyumbang moal
BARUDAK MARIKEUN DUIT KA INYONG
SAWAREH AYA NU INDIT BALANJA CAI NA.
Inyong
Geus lah opat mahi nya?
Ate
Urang mah moal ah ( balik )
Robin
Si ate mah tara kana nginum ngan ka
awewe beuki
Fikri
Mending urang atuh tara ka awewe
jadi nginum
KEUR RAME CEU DEWI NGOMONG
Dewi
Tah kabeneran araya, ari unggal
peuting sok naraon mareuli kecap jeung suuk saloba-loba?
Barudak
(seuri semu nu bungah)
Inyong
Tah si fikri nu sok nguyupan
kecapmah jeung si budi
Aduy
Botol kecap naon ceu?
Uya
Eta meureun si orang tua berjanggot
DATANG NU MEULI CAI
Budi
Eweuh eung nu biasa mah ngan aya
hiji geus we meuli ieu
Fikri
Bae lah nu aya we
Inyong
(nyokot botol di tunjukeun ka ceu
dewi) nu kieu ceu?
Dewi
tah enya eta
Inyong
Lain kecap tapi artis
Barudak
(seuri)
Fikri
Nyong buru lah suukna kade roko nap
oho
Oos
Ke atuh can di tutup warung ge
Inyong
Ceu suuk jeung rokona
Aduy
Bud stel atuh gitar teh
NYAI KA WARUNG NITAH NUTUPAN WARUNG
Nyai
Mamah tutupkeun warung teh
Ate
Inyong maneh balik heula
Inyong
Aeh si ate puguh hoream
Dewi
Cik lah pang nutupkeun
WARUNG DI TUTUPKEUN HAWA BEUKI TIIS
JEUNG NGADADAK JEMPLING.
ADEGAN
2
BABAK
5
SORA GITAR MARENGAN BARUDAK NGARINUM
Uya
Nyong sampeurkeun heula bisi aya
nanaon
Fikri
Heueuh nyong sampeurkeun bisi
penting
Inyong
(Bari nyekel botol) aim ah mening
abok. Bud tabeuh atuh gitarna
Budi
(ngalagukeun lagu nu teu puguh
kadengena)
Fikri
Lain maneh kabeh bingung nya?
Oos
Naon kitu ?
Fikri
Ku urang iyeu warung ek di ngaranan
warung bingung satuju teu?
Inyong
Satuju lah pokonamah kabeh nu
nalangkring di dieu pasti keur baringung (seri meni tari)
KEUR KITU SORA CORONG MASJID KADENGE
BARUDAK REPEH HARITA.
“assalamu’alaikum warohmatullohi
wabarokatuh, innalillahi wainna ilaihi roji’un parantos mulih ka rohmatulloh
saderek bapak madraskin dina wengian ayeuna tabuh sabelas langkung duapuluh, ku
kituna mangga urang sami-sami du’akeun mudah –mudahan di tampi iman islamna
allohummagfirlahu warhamhu waafihi wafuanhu, wassalamualaikum warohmatullohi
wabarokatuh”
BARUDAK KABEH MELONG KA INYONG NU
KEUR ANTENG NYEKEL BOTOL. SILIH HAREWOS, SILIH TUDUH, SILIH SERED TAPI TEU DAEK
NGABEJAAN INYONG NGAN SILIH HAREWOS
Barudak
Akina si inyong (silih tempas)
Ate
Nyong ayeunamah maneh moal di titah
balik deui ka imah moal di teangan
Inyong
(ngahuleng melong beungeut barudak
hij-hiji reumbay terus ngoceak) aki
aiiiiiiinnnngggg……………! (ngababetkeun botol)
RENGSE……..!!!!
NU
NGALALAKON
Dewi
( randa 50 taun nu boga warung )
Nyai
( 26 taun anakna dewi )
Ucup
( 28 taun )
Fikri
( 20 taun )
Inyong
( 26 taun )
Sade
( 38 taun tukang ojeg )
Patugas
runtah ( 36 taun )
Asep
( 40 taun )
Etom
( 62 taun boga panyakit burut )
Hapid
( 48 taun rada setruk )
Oos
( 19 taun )
Budi
( 19 taun )
Ate
( 29 taun )
Aduy
( 29 taun )
Uya
( 25 taun )
Robin
( 21 taun )
Langganan:
Postingan (Atom)