Rabu, 29 Februari 2012

WAROENG BINGOENG


SETING
HIJI KAMPUNG NU NGARANA RANCA GANDENG. SISI JALAN AYA WARUNG NYANGHAREUP KA JALAN NGAN RADA KA JERO DI HAREUPNA AYA PARANTI DIUK. MANGRUPA GOGORENGAN, CIKI, KOPI, SUSU, SHAMPO,BOTOL BENGSIN DI DEUKUT TEMPAT DIUKNA JEUNG RUPANING JUJUALAN AYA DI WARUNG ETA NGAN PEDAH TEU REMPEG KAWAS WARUNG-WARUNG NU LIANNA, NU JADI KHAS DI WARUNG ETA NYAETA LOTEK. DI SISI BELAH KENCA AYA BURUAN NU DI KURILINGAN KU PAGER JEUNG AYA POPOEAN. SISINA AYA POS RONDA NU RADA BELAH HAREUP SAEUTIK EWEUH PANTOAN NGAN AYA AKSARA “POS RONDA” DI LEBAH ROHANGANNA.

BABAK   I
ADEGAN            I

Isuk-isuk keneh geus loba jelema nu ngaraliwat di buruan jeung di jalan ku rupa-rupa kaperluanna sewang-sewangan. Warung mah can di buka, ceu Dewi nu boga warung keur sasapu di buruana bari kukulutus :


Dewi
na urut naon atuh meni balatak botol jeung cangkang suuk tiap isuk teh, piraku suuk di coelan ku kecap mah, jaba meni loba deuih botol jeung cangkang suuk teh. Tapi naha sugan anyar botol kecap ayeunamah nya? Gambarna oge meni aya aki-aki janggotan sagala? Tapi lumayan urang kumpulkeun ke geus loba mah jual ka tukang kokorompong pan lumayan. Iyeu meureunan rejeki nu di bere ku pangeran tiap isuk-isuk. Nuhun gusti…… (bari mawaan botol di abuskeun kana karung)
Ucup
(lumpat semu rusuh) ceu nginjeum panyiuk sakeudeung….
Dewi
 aeh, angger ari rek ka pacilingan teh tara mawa panyiuk, ke dagoan sakeudeung. (abus ka imahna)
Ucup
rusuh puguh, da tadinamah ek nyabu ka kang nana (nungguan dina korsi hareupeun warung)
Dewi
(bari kaluar mawa ember tilas cet) na rek nanahaon nyabu ka si nana? Lainna dagang bubur lin? (ngasongkeun ember)
Ucup
leuh, panyiuk ceu lain ember, atuh ke hese rek ombeh teh (bari nyekelan bujur)


Dewi
eweuh keur di pake mandi ku si nyai, matak naon ku ember oge meh loba manjurna
Ucup
heug atuh di injeum heula nya…? (bari beretek lumpat)
Dewi
si kehed. (abus ka warung mukakeun gebyogna bari ngagorowok) nyai pang nyokotkeun popoean teundeun di lawang panto
Nyai
(ngagorowok) enya…
Dewi
si cecer nembalan ka kolot, muhun kituh ! (nyai neundeun poeun)
Nyai
tah… (bari ngaleos)
Dewi
(gogodeg terus moekeun eta poe eun) budak teh, anggur mah poekeun langsung iyeumah kalah nitah deui ka kolot (ucup balik deui mikeun ember)
Ucup
ceu nuhun. (ngaleos)


Dewi          
(bari meret baju) ngemplong nyah? (nuluykeun popoe terus asup nungguan warung)
(teu kungsi lila datang nu meuli)
Fikri           
 ceu kopi hideung jeung roko sabatang (diuk di hareupeun warung)
Dewi        
 (ngaladangan) rokona ek roko naon?
Fikri         
  biasa lah nu nojos we…..
Dewi
( mikeun roko da geus apaleun ) di gawe anggurmah meungpeung ngora keneh, iyeu mah ti tilik-tilik unggal isuk asa angger wae kalakuan teh
Fikri
Lah ceu, laing embung gawe tapi da lieur ayeunamah neangan gawe teh hese pisan, ngalamar kadieu kudu tamatan D3 ngalamar kaditu kudu S1 ah lieur ceu
Dewi
Kapan loba atuh pigaweun nu teu kudu make D3 jeung S1, tuh contona kang nana SD ge teu tamat, geuning bisa dagang bubur

Fikri
Lain ku kituna ceu, terus naon gunana coba pamarentah ngawajibkeun belajar 12 taun? Ari geus 12 taun eweuh buktina?
Dewi
Etamah atuh ngarah untung pamarentah meureun da lamun teu kitu rek timana meunang bati….. (bari ngagebah laleur)
Fikri
Numatak uing mah ek tetep kieu, haying nyaho we uing nu eleh atawa pigaweun nu datang (ngaluarkeun haseup)
TEU LILA DATANG SI INYONG PANONNA SEMU BEUREUM LEUMPANGNA RADA NGADAYAGDAG
Inyong
Menta udud euy
Fikri
Cik atuh manehteh isuk keneh geus kieu
Inyong
Udud buru
Fikri
Ceu berean sabatang ! ( dewi ngaladangan semu heran )
Dewi
Ubaran atuh ari nyeri panon mah
Fikri
Lain nyeri panon etamah ceu pastina oge nyeri hate
(inyong diuk di belah kenca fikri)
Dewi
Ke,ke, asa teu nyambung nyeri hate jadi nyeri panon
Inyong
Kolot teu boga cedo, urang ge da anakna bener teu kri? Datang ka imah kalah di Tanya “ sinarieun maneh aya di imah”
Fikri
Mun urang mah nyong ek atoh jadi urang bisa bebas ulin, yeuh urang mah teu kaop nyingkah ti imah rada lila der di tanyakeun, asa teu tenang
Dewi
Nyaah ka maneh etateh
Inyong
Saha nu nyaah ceu?

Dewi
Lain ka ilaing ka si fikri
Inyong
Berarti kolot uing mah teu nyaaheun ka uing nya? (nguyup kopi)
Dewi
Pang nungguankeun warung sakeudeung ek moe pare
Fikri
Nya sok ceu di tungguan
DATANG TUKANG KIRIPIK NU SOK NEUNDEUN DI WARUNG ETA
Tukang kiripik
Kang bade ngintun kiripik deui
Inyong
(seuri) 20 siki we mang
Fikri
His ulang ketang teu apal kuring mah mang…. Ke dagoan ceu dewi


Tukang kiripik
Aduh punten kang ieu teh nuju rusuh, atuh saena saur akang sabara hiji supados tereh… (inyong seurina beuki tarik)
Fikri
Aeh- aeh ari emang, nu boga warungna keur moe pare,
Tukang kiripik
Atuh manawi kersa akang janten tukang warungna (inyong seuri beuki tarik)
Fikri
Itu gera si emang, henteu mah kasurupan… ceu yruh aya kiripik
Dewi
Sok we aropi
Fikri
Lain kiripik ceu tukang kiripik
Inyong
Haduh nyeri kulit beuteung
CEU DEWI GANCANG DATANG KA WARUNG

Dewi
Aeh emang kamana wae atuh?
Tukang kiripik
Lah biasa we ceu dagang kiripik
Dewi
(ngasongkeun kiripik Bees) tah mang nu kamari geus hapeuk, ayeunamah ulah loba teuing ah…
Fikri
Untung can muka kiripik
Tukang kiripik
Leuh ceu geuning loba? Atuh jang padahalmah bukaan we atuh itung-itung tutulung ka tukang tanggung
Dewi
Boro-boro ek nulungan atuh, puguh jelema teh teu boga panghasilan
Inyong
Uing mah boga ceu enya ge teu gede
Tukang kiripik
Tah atuh ujang ieu mah sugan bade nulungan ka tukang tanggung
Inyong
Eh mang lain embung nulungan, uing ge tulunganeun
Tukang kiripik
Leuh, ceu kiripikna 10 we nya?
Dewi
Nya sok
Tukang kiripik
Ah kang punten nya da emang mah sok heureuy
Fikri
Teu nanaon mang
Inyong
Jung mang lah di du’akeun sing payu eta tanggungan
Tukang kiripik
Nuhun jang ah, ceu nu kamari engke we hijikeun jeung nu ayeuna nya?
Dewi
Heug atuh ari kitu mah

Tukang kiripik
Marangga atuh ah ka sadayana  
Kabeh
Mangga….
TUKANG KIRIPIK TULUY INDIT, INYONG JEUNG FIKRI NGAHARULENG CEU DEWI NULUYKEUN DEUI POPOE PARE. POE MEUJEUHNA PANAS TOROJOL DATANG SADE TUKANG OJEG NU BIASA CICING DI WARUNG ETA
ADEGAN 2
Sade
(nyetandarkeun motorna) Haduuuhh eta geus aya deui wae, ku betah- betah teuing atuh cicing di warung
Fikri
Eh de, geus sabara kali narik eung?
Sade
(hp na di sada) samlekum? Kumaha ? oh nya atuh… (nutup telepon) kela narik heula
Inyong
Anjir… karek ge datang geus narik deui wae… asa mending ngojeg eung…
 Fikri
Tah sia mah sok gehgeran, paur maneh mah
Inyong
Paur kunaon?
Fikri
Nya paur we sok sieun aya siraru muir na lampu der pupuiran
Inyong
Ngabodor ?
Fikri
nyong di jero yu ah…
Inyong
hayu
FIKRI JEUNG INYONG ABUS KA JERO WARUNG DA GEUS BIASA WAKTUNA GOGOLERAN. DEWI SARUA ABUS KA WARUNG TERUS NGINUM GEK DIUK DI WARUNG. DATANG NYAI NYOKOT DAHAREUN INDIT DEUI KA JERO IMAH. TIISEUN WAKTU HARITA TAPI AYA SORA NU KALUAR TINA CORONG MASJID
“ assalamualaiku warohmatullohi wabarokatuh”
Dewi
Tah sugan aya nu maot? Pedah kamari raeng sora cit incuing
Sora
“ka sadaya warga kampung rancagandeng anu sampahna teu acan di kaluarkeun sopados di kaluarkeun, kumargi patugas kebersihan bade dongkap. Kumargi sakitu mangga ka sadayana eta sampah supados di kapayunkeun. Hatur nuhun wassalamu’alaikum warohmatullohi wabarokatuh”
Dewi
Wa’alaikum salam warohmatullohi wabarokatuh, aeh suga teh nu maot
KABEH JELEMA NEUNDEUNAN RUNTAH KAK SISI JALAN PON NYAKITU DEUI DEWI OGE SARUA
Dewi
Nyai… runtah nu dina keresek bawa kaluar
NYAI KALUAR MAWA RUNTAH DI TEUNDEUN KA HAREUPEUN IMAH. TEU LILA DATANG PATUGAS SAMPAH MENERAN MAWA SAMPAH NU DI WARUNG ETA.
Patugas
Ceu aya keneh runtahna?

Dewi
Atos jang…
SORA CORONG MASJID KADENGE DEUI NYETEL KASET NU NGAJI TANDANING REK LOHOR
Patugas
Allhamdulillah, lohor geuning. Ah sakalian istirahat heula di dieu nya ceu? Cik ceu ninyuh kopi susu
DEWI NGALADANGAN
Dewi
Iyeu jang…  jang meni betahan digawe dina runtah? Kapan bararau
Patugas
(bari nguyup) ah ceu ku kuring mah geus teu jadi sual bau mah da meureun geus kuduna kuring kieu
SORA ADAN LOHOR KADENGE TINA CORONG MASJID. OBROLAN EUREUN HEULA NEPI KA TAMAT ADAN
Patugas
Kela ceu rek salat heula ( indit ka masjid )


ADEGAN 3
DATANG ASEP
Asep
 beuh hangru kieu… cik ceu rook bodas sabungkus…( asep nangkring di warung)
Dewi
Iyeu kanga sep
Asep
Kopi saha ieu?
Dewi
Oh etamah tuh nu patugas runtah, keur salat heula
SABOT RAREPEH DATANG DEUI PATUGAS NU BALIK TI MASJID. DIUK PAHAREUP-HAREUP JEUNG ASEP. TAPI ASEP KALAH NUTUPAN IRUNG KU BAJUNA.
Patugas
Allhamdulillah, reugreug ari geus salat mah… nepi mana ceu tadi teh?
Dewi
Nya tadi kunaon make jeung betah sagala da garila atuh dina runtah mah
Patugas
Ceu, nu pang geuleuh-geuleuhnamah justru jelema,
Asep
Naha mang? (bari nutupan irung)
Patugas
Ari jelema mah di jieuna oge tina nu geuleuh
Dewi
Kapan tina taneuh lin?
Patugas
Etamah asalna ceu, kapan nu puguh mah jelema teh di jieun tina cai mani. Sok coba aya teu tukang dagang nu nawarkeun cai mani? Moal aya ceu, mun dagang susu aya….
Asep
Lakh mang meni bau atuh?
Dewi
Ek teu bau kumaha da geus puguh digawe dina runtah. Manasina digawe di kantoran

Patugas
Ah ceu ulah sok ngabeda-bedakeun jelema da anger ari geus di cabut nyawa mah eweh nu bisa di bawa iwalti amal urang
Asep
(muka irungna bari semu era)
Patugas
Ah ceu jadi mamatahan ngojai ka meri ieu teh nya kang? Sabara kopi ceu?
Dewi
Dua rebu
PATUGAS MIKEUN DUIT BARI INDIT. ASEP NGAN NEMPOKEUN SEMU BINGUNG.
Dewi
Alus gening najan pagilinggisik jeung runtah tapi hatenamah teu jiga runtah
ASEP TUNGKUL. NGARUMAS DIRI
Asep
Ceu roko sabaraha?

Dewi
Dua belas rebu
Asep
Ke nya ceu uing teu nyekel duit ( bari indit rurusuhan )
Dewi
Jiga nu heueuh jelema beunghar ari nyatana roko ge nganjuk…
ADEGAN 4
DATANG SADE BALIK NARIK
Sade
Ceu barudak kamarana?
Dewi
Tuh di jero, biasa we kerek jiganamah
DATANG DEUI HAPID JEUNG ETOM. NALANGKRING
Etom
De marema?
Sade
Lumayan kang aya jang sakiloeun mah
Hapid
Wi lotek nu atah
DEWI NGALADANGAN LOTEK
Hapid
Lah jangar aing mah
Sade
Na jangar ku naon atuh kang?
Etom
Ari maneh pid, na teu kadeuleu kitu majarkeun maneh jangar, komo urang lewih jangar
Hapid
Lain kitu kang, enya etuda ayeunamah nempo berita meni loba pisan kajadian anu aheng
Sade
Geus biasa kang atuh da ayeunamah geus jamana
Dewi
Iyeu kang lotekna

Etom
(mawa lotek eta terus di dahar)
Hapid
Teu beak piker uing mah eta aya budak nu ngagawean indungna,
Etom
Gelo etamah
Sade
Kang etamah lotek kang hapid
DEWI NYERENGEH
Hapid
Aeh ari kang etom sok padu ngopi
Etom
Da bongan maneh kalah jangar (lotek sesana di ka hapidkeun)
Hapid
Kapan keur nyarita heula (bari belewek di huapkeun)
Sade
Uing mah balik hela ah hayang sare (sade balik )
Hapid
Wi sabaraha?
Dewi
Sarebu limaratus
Hapid
Tah, kang hayu ah kapan ek nempo balong?
Etom
Nya hayu atuh, wi ka balong heula
Dewi
 Mangga…. Ari barudak teh ek harudang moal?
DEWI JAJAIT POPOEAN BAJU JEUNG PARE
BABAK 2
ADEGAN 4
CORONG MASJID DI SADA DEUI TAPI AYEUNAMAH ADAN MAGRIB.  WARUNG DEWI DI PAKE NALANGKRING BARUDAK PAMUDA AYA NU METIK GITAR JEUNG AYA NU NGALOPREK HAPE. KADENGE NU NYANYI MENI SUMANGET

Kabehan
Begini nasib jadi bujangan ke mana-mana asalkan suka
Tiada orang yang melarang
Hati senang walaupun tak punya uang…euuuyyyy..
Hati senang walaupun tak punya uang (sareuri )
KEUR KITU INYONG JEUNG FIKRI KALUAR TI JERO WARUNG
Fikri
Geus peuting geningan euy? Cik ceu mi rebus, asa can dahar
Oos
Kri maneh can balik-balik nya?
Inyong
Kapan geus jeung urang atuh…
Budi
Nyong aki maneh nanyakeun
Fikri
Asik euy jigana kabagean yeuh…

Ate
Jig jig inyong sampeurkeun heula
Inyong
Lah males nyampeurkeuna oge, goceng pertama lah sakeudeung deui warung tutup yeuh…
Oos
Tah ti urang goceng
Budi
Urang mah eweuh duit eung bekel saminggueun beak kapan peuting meuli arak
Fikri
Tah si ate atuh, kali-kali mah nyumbang
Inyong
Te maneh nyumbang moal?
Ate
Sampeurkeun heula aki maneh
DATANG UYA ,ADUY JEUNG ROBIN

Aduy
Haduh ieu pemuda bingung
Uya
Kawas maneh teu bingun
Robin
Heueuh nya ya?
Fikri
Geus lah ayeunamah nyumbang moal
BARUDAK MARIKEUN DUIT KA INYONG SAWAREH AYA NU INDIT BALANJA CAI NA.
Inyong
Geus lah opat mahi nya?
Ate
Urang mah moal ah ( balik )
Robin
Si ate mah tara kana nginum ngan ka awewe beuki
Fikri
Mending urang atuh tara ka awewe jadi nginum
KEUR RAME CEU DEWI NGOMONG
Dewi
Tah kabeneran araya, ari unggal peuting sok naraon mareuli kecap jeung suuk saloba-loba?
Barudak
(seuri semu nu bungah)
Inyong
Tah si fikri nu sok nguyupan kecapmah jeung si budi
Aduy
Botol kecap naon ceu?
Uya
Eta meureun si orang tua berjanggot
DATANG NU MEULI CAI
Budi
Eweuh eung nu biasa mah ngan aya hiji geus we meuli ieu
Fikri
Bae lah nu aya we

Inyong
(nyokot botol di tunjukeun ka ceu dewi) nu kieu ceu?
Dewi
tah enya eta
Inyong
Lain kecap tapi artis
Barudak
(seuri)
Fikri
Nyong buru lah suukna kade roko nap oho
Oos
Ke atuh can di tutup warung ge
Inyong
Ceu suuk jeung rokona
Aduy
Bud stel atuh gitar teh
NYAI KA WARUNG NITAH NUTUPAN WARUNG
Nyai
Mamah tutupkeun warung teh
Ate
Inyong maneh balik heula
Inyong
Aeh si ate puguh hoream
Dewi
Cik lah pang nutupkeun
WARUNG DI TUTUPKEUN HAWA BEUKI TIIS JEUNG NGADADAK JEMPLING. 
ADEGAN 2
BABAK 5
SORA GITAR MARENGAN BARUDAK NGARINUM
Uya
Nyong sampeurkeun heula bisi aya nanaon
Fikri
Heueuh nyong sampeurkeun bisi penting

Inyong
(Bari nyekel botol) aim ah mening abok. Bud tabeuh atuh gitarna
Budi
(ngalagukeun lagu nu teu puguh kadengena)
Fikri
Lain maneh kabeh bingung nya?
Oos
Naon kitu ?
Fikri
Ku urang iyeu warung ek di ngaranan warung bingung satuju teu?
Inyong
Satuju lah pokonamah kabeh nu nalangkring di dieu pasti keur baringung (seri meni tari)
KEUR KITU SORA CORONG MASJID KADENGE BARUDAK REPEH HARITA.
“assalamu’alaikum warohmatullohi wabarokatuh, innalillahi wainna ilaihi roji’un parantos mulih ka rohmatulloh saderek bapak madraskin dina wengian ayeuna tabuh sabelas langkung duapuluh, ku kituna mangga urang sami-sami du’akeun mudah –mudahan di tampi iman islamna allohummagfirlahu warhamhu waafihi wafuanhu, wassalamualaikum warohmatullohi wabarokatuh”
BARUDAK KABEH MELONG KA INYONG NU KEUR ANTENG NYEKEL BOTOL. SILIH HAREWOS, SILIH TUDUH, SILIH SERED TAPI TEU DAEK NGABEJAAN INYONG NGAN SILIH HAREWOS
Barudak
Akina si inyong (silih tempas)
Ate
Nyong ayeunamah maneh moal di titah balik deui ka imah moal di teangan
Inyong
(ngahuleng melong beungeut barudak hij-hiji reumbay terus  ngoceak) aki aiiiiiiinnnngggg……………! (ngababetkeun botol)

RENGSE……..!!!!




NU NGALALAKON

Dewi ( randa 50 taun nu boga warung )
Nyai ( 26 taun anakna dewi )
Ucup ( 28 taun )
Fikri ( 20 taun )
Inyong ( 26 taun )
Sade ( 38 taun tukang ojeg )
Patugas runtah ( 36 taun )
Asep ( 40 taun )
Etom ( 62 taun boga panyakit burut )
Hapid ( 48 taun rada setruk )
Oos ( 19 taun )
Budi ( 19 taun )
Ate ( 29 taun )
Aduy ( 29 taun )
Uya ( 25 taun )
Robin ( 21 taun )

Tidak ada komentar:

Posting Komentar