Rabu, 30 Mei 2012

Kamana Salira Incah

Mangsa kuring mopokan liang-liang sono
Nu sok remen rembes dina bendungan cocoba keur salira
Aya  nu ngawuran runtah
bendu dina gogombangan cinta urang

Waktos  salira mapai-mapai kamalir kacangcaya
Tiap lengkah tangtos salira ngajeroan kamalirna
horéng beuki loba tapak legok nu matak ngagalécokkeun
manah salira

Geulis !
Tong hanjat kana galengan kamalir
Sabab bakal kabita kana kamalir nu liana
Geulis !
Sabenerna kuring ngingintil kamana salira incah

                                                                                                            2012

Tidak ada komentar:

Posting Komentar